News

WordPress 3.0 Thelonious

All posts

  • WordPress 3.0 Thelonious

    Najan leuir naker, WordPress versi 3.0 basa Sunda bisa dirilis (core-na dirilis Juni 2010). Kiwari, anjeun bisa otomatis ngaronjatkeun kana ieu versi ngaliwatan pidangan Pakakas => Ronjatkeun, atawa klik link tuduh jalan dina papan uar kasadiaan anu aya di luhur layar. Anjeun oge bisa ngunduh gembolanana pikeun dipasang manual, utamana pikeun anu masang mimiti atawa…

    Read Post

  • WordPress, Pinunjul Kahiji Overall Best Open Source CMS

    Kacida matak reueusna, taun 2009 ieu WordPress meunang pangajén kahiji dina widang Overall Best Open Source CMS ti Open Source CMS Award. Lain panghargaan samanéa! Open Source CMS Award anu maneuh diayakeun unggal taun, kiwari narima leuwih ti 12.000 nominasi tur diiluan ku leuwih ti 23.000 pangajén (pamilon sora).

    Read Post

  • WordPress 2.8.6

    Vérsi 2.8.6 ménerkeun dua pasualan kaamanan anu bisa diéksploitasi ku pamaké kadaftar anu keur asup log tur inyana mibanda wewenang pikeun ngirim tulisan. Lamun anjeun ngarasa cangcaya kana kajujuran panulis-panulis blog anjeun, ngaronjatkeun kana vérsi 2.8.6 kacida diperedihna.

    Read Post

  • WordPress 2.8.5, Nyampurnakeun Kaamanan

    Pada maphum, bulan-bulan katompérnakeun ieu, kuring saparakanca keur soson-soson migawé rarangkén-rarangkén anyar pikeun vérsi 2.9, sarta satékah polah keur nyieun tarékah sangkan WordPress salawasna mibanda kaamanan anu leuwih tohaga. Dina ieu proses, aya sawatara parobahan kaamanan penting anu geus kapigawé tur nurutkeun kuring saréréa kacida hadéna saupama dicumponkeun kana dahan vérsi 2.8. Kiwarian penting dina…

    Read Post

  • WordPress 2.8.2

    WordPress 2.8.2 ngalereskeun vulnerabilitas XSS (babari kakeunaan panyakit -naon ongkoh basa Sundana?). URL juru kintun pairan henteu leres-leres walagri nalika dipintonkeun dina kaca admin. Ieu hal tiasa nerekab, éh, maksad téh népaan, geusan nungtun Sadérék ngajak kaluar tina kaca admin kana situs sanés. Sumangga unjal vérsi 2.8.2 atanapi ronjatkeun otomatis ngalangkungan pidangan Pakakas dina kaca…

    Read Post

  • WordPress 2.8.1

    WordPress 2.8.1 ngabebenah loba hama sarta mageuhan tulak kaamanan pikeun kaca admin plugin. Talatah ti Core Serurity Technologies yén kaca admin anu ditambahkeun ku sawatara plugin téh bisa ditoong ku pamaké deungeun anu ngalantarankeun informasina bisa dirogahala. Mémang henteu sakumna plugin kakeunaan ku ieu panyakit. Pon kitu, pikeun kapentingan kaamanan, kuring saparakanca nyarankeun sangkan anjeun…

    Read Post

  • WordPress 2.8

    “WordPress 2.8 parantos sayogi! Sumangga kiwarikeun ayeuna.” Upami Sadérék nangenan éta pesen singget di luhur kaca admin WordPress Sadérék, sok padahal Sadérék parantos ngaronjatkeun kalayan otomatis tina vérsi sateuacanna, hartosna Sadérék ngaronjatkeunnana sasarengan reujeung waktosna rilisan awal ieu vérsi. Éta pesen baris ilang saupami Sadérék ngaronjatkeun ulang sacara otomatis nganggo beundeulan rilisan anu ayeuna. Ieu…

    Read Post

  • Pamaluruhan Diréktori Plugin nu Mingkin Hadé

    Mdawafe, tanggal 19 Pebruari ieu, geus nguarkeun di blog WordPress.org ngeunaan pamaluruhan Diréktori Plugin nu anyar jeung ngaronjat. Salahsahiji pasualan tumali jeung pamaluruhan diréktori plugin nyaéta ngeunaan hasil pamaluruhanna nu kurang nyugemakeun atawa, ceuk basa nu nulis blog mah, pikagetireun jeung pikasebeleun. Tapi, kiwari mah ieu hal téh henteu tumiba deui.

    Read Post

  • WordPress 2.7.1

    WordPress 2.7.1, minangka rilisan pamulasaraan munggaran WordPress versi 2.7, parantos sayogi. Anjeun tiasa ngiwarikeun instalan WordPress anjeun sacara otomatis ngalangkungan pidangan Pakakas > Ronjatkeun dina kaca admin, atanapi unjal langsung epakanana lajeng instalkeun sacara manual. Kanggo ningal naon waé anu parantos dilereskeun dina ieu vérsi, tiasa diparios dina daptaran list of fixed tickets, seueurna aya…

    Read Post

  • Ngararancang WordPress Maké Aksara Sunda

    Bulan Juni 2005, Informasi ngeunaan aksara Sunda baku diuarkeun di milis KUSnét (Komunitas Urang Sunda di Internét). Kang Dian Tresna Nugraha ngawanohkeun fonta aksara Sunda maké sét karakter ISO-8859-1 Latin-1. Bulan Juli 2005, fonta aksara Sunda dipidangkeun dina Konférénsi Basa Sunda VIII di Subang, Jawa Barat, ku M. Sasmita. Bulan Januari 2006, Kang Dian ngayakeun…

    Read Post